TATAR SUNDA BEUNGHAR KU SITUS



TATAR SUNDA BEUNGHAR KU SITUS


            Tatar Sunda beunghar ku situs, diaku boh sacara nasional, boh internasional tatapakan jaman prasajarah nepi ka kiwari balatak di Jawa Barat.

            Bukti nu asalna ti jaman prasejarah, nu katelah jaman batu kuno, diantarana paparabotan tina batu. Nurutkeun para ahli mah, sesa kahirupan 600 nepi ka 120 rebu taun ka tukang. Jaman batu teh pertengahan 10 rebu taun ka tukang. Jaman baatu anyar, ti 5 rebu taun ka tukang. Jaman batu ditema ku jaman parunggu, ti mimiti harita manusa make pakakas tina beusi, parunggu tea.

            Beuki dieu bruh-breh bukti anyar. Contona situs nu mangrupa lukisan dina batu. Kapangih di wewengkon Citapen Desa Sukajaya, Kacamatan Rajadesa, Ciamis. Masarakat di dinya mah nyebutna teh batu tulis, pedah gurat-guratna siga tulisan dina batu. Gurat-gurat dina batu eta rupa-rupa, wangun jeung ukuranana, diantarana gurat-gurat nangtung (vertikal) nu masing-masing tilu nepi ka genep gurat, aya oge nu wangunna curat-coret, meh sarimbang jeung sasatoan, dadaunan,jeng sajabana. Ieu lukisan teh sarua jeung nu kapanggih di Australi. Teu kudu heran da urang Aborigin oge bibitbuitna mah ti Nusantara.

            Citapen salah sahiji nu nyimpen tempat rupa-rupa patilasan sajarah. Contona, aya patilasan nu ku urang lemburdisebutna patilasan Bupati Rohang. Ka tukang-tukang, aya batu panjang, tengahna leutik. Tapi, kiwari mah ukur bejana.

            Titinggalan karuhun teh gede hartina pikeunulikan sajarah mah. Ngan nya kitu teu unggal jalma engeuh kana penting jeung gunana. Malah ku para ahli mah diulik, ku nusejen mah teu dianggap situs ieuh. Contona, Situs Sanghyang Rancamaya di Gunung Badigul digempur dipake lapangan golf jeung gedong-gedong.

            Nasib situs Citapen ge kitu. Ruksakna teh ka rupa-rupa alatan. Geus puguh ku alam, saperti longsoratawa banjir oge, ku leungeun-leungeun jailnu iseng curat-coret di mana wae. Semet curat-coret oge kaasup ngaruksak tatapakan sajarah.

            Ti baheula tatar Sunda jadi pamungpungan. Ku kituna mha teu aneh da lahanna subur. Ngan, nyakitu, ku lobana nu kapincut tatar Sunda,balukarna teu bisa di singkahan. Nu datang ka Tatar Sunda teh ti mana-mana.bubuara, bumetah, teu marulang deui. Balukarna lembur geus ngalegaan, akhirna loba tatapakan sajarah anudigempur di jadikeun lembur, contona Rancamaya. Sajarah kahirupan hiji bangsa nu di tandaan ku ayana tulisan. Padumuk Nusantara mimiti asup kana galuring sajarah ti awal abad ka 5 Masehi. Dumasar kana bukti tinulis, tulisan-tulisandina batu tea, dina beusi, dina taneuh liket, tanduk sasatoan jeung tataangkalan.

            Memeh ngatretkeun, tulisan urang Tatar Sunda geus nyieun simbul-simbul ana dipahat dina batu. Simbul-simbulna mangrupa panah, segi tilu, pasagi, jeung sajabana, nu bisa dijadikeun alat komunikasi jeung anggota masarakat sejenna.

            Di Curug Sukabumi, aya batu anu pinuh ku rupaning simbul. bukti-bukti tulisan nu di tinggalkeun sabada padumuk Tatar Sunda barisa nulis, kapendak dina wujud prasasti. Diantarana Desa Tugu, Jakarta, titinggalan raja Purnawarman. Tulisanana dipahatkeun dina batu buleud. Ieu disebutna prasasti Purnawarman.
            Prasasti Ciaruteun kapanggih di sisi walungan Ciaruteun, Desa Graha, Kacamatan Leuwiliang, Bogor. Prasasti Kebon Kopi nu teu jauh ti Ciaruteun, di kampung hilir cibungbulang. 

            Tulisan-tulisan anu kaunggel dina prasasti, netelakeun ayana hiji pamarentahan nu dipingpin kuu pangawasa di eta tempat. Hartina wewengkon eta geus aya pamingpinna. Bukti-bukti nu mangrupa batu, karaton jeung sajabana jelas nandakeun ayana pamarentahan.

            Para arkeoligi di nagara urang mah teu saperti di nagara maju, contona di Prancis. Situs-situs di batur mah geus dipiara tur dimumule. Guha alam saperti di Ustrali apaan sakitu dipiarana, di dagangkeun tur kapentingan parawisata. Di urang mah, situs Rancamaya kapan diburak-barik dijadikeun parumahan mewah alias Real Estate. Di rancaekek, Bandung, Candi Bojongmenje teu puguh alang ujurna lantaran kahalangan ku pabrik, nu cenah leuwih nguntungkeun ti batan dijadikeun candi. Loba nu manghanjakalkeun upama tempat nu aya situsan teh dijadikeun Real Estate jeung lapangan golf. Hanjakal sora para ahli teu digugu. Padahal di nagara batur mah tong boro situs nu geus puguh juntrungna, nu can puguh ge teu weleh pada nyucruk pada nalungtik. Upama tek ngawangun hiji tempat teh sok ditalungtik heula. Para ahli purbakala disambat jadi anggota tim panalungtik. Malah, diancrubkeun ka lapangan ge sok pangheulana. Mun geus puguh lain situs upamana, kakara diijinan digempur.

            Tina patilasan karuhun bisa ngalap rupa-rupa manpaat. Kahirupan ka tukang bisa ka baca tina situs “Kahirupan Budaya, baheula bisa katingali tina tatapakan sajaraah”.

            Hubuunngan masarakat jeung nu nyekel kakawasaan, bisa kapanggih tina patilasanana. Tilem timbulna kakawasaan jaman baheula tepi ka mana dirojong ku rahayatna, bisa jelas kapaluruh dina situ-situs anu ditinggalkeunana.

            Budaya masarakat jaman baheula aya mangsana beda jeung budaya nu hirup di lingkungan karaton. Contona di tingkat elit, nu hirup teh budaya Hindu/Budha. Ari rahayatna mah beda deui. Rahayat dupagunungan nu kahirupanana tina tatanen boga ageman sorangan, muja roh karuhunna.

Timimiti ujung kulon, wewengkon Tatar Sunda pangkulonna, nepi ka Tatar Sunda pangwetanna, kahirupan budaya bangsana sarua. “ditilik tina patilasan kapungkur mah wilayah Banten oge sarua jeung daerah-daerah sunda sejenna”.

            Nyaritakeun patilasan sajarah, moal leupas tina nyaritakeun sual candi. Nilik kana babatuan nu aya di Jawa Barat, umumna leuwih teuas ti bantan nu kapanggih di Jawa Tengah.mun eta babatuan direka, tangtu teu gampang. Di urang oge aya candi, tapi umumna tina bata. Saperti anu kapanggih di Batujaya, Karawang. Eta wawangunan kaasup candi budha. Najan dijieuna tina batu bata. Umurna mah geus kolot naker, titinggalan jaman Tarumanagara.

            Candi teh replika (titiron) gunung. Ari di Tatar Sunda mah, gunung teh sakitu parentulna.lembur-lembur di Sunda mah dilingkung ku gunung. Masarakat nu lemburna di lingkung  ku gunung mah (bisa jadi) teu perlu niron-niron gunung.

            Hal lain, candi teh umumna ngagambarkeun tradisi Hindu/Budha, nu mekarna di lingkungan karaton. Dibawana ku para elit, ku para pamingpin nu ngaheuyeuk nagara. Padahal rahayat oge boga ageman sorangan. Budaya nu mekar dikalangan elit, teu sarua jeung nu mekar di kalangan rahayat. Ku kituna, mun tea mah kudu nyieun candi saperti di Jawa Tengah, rahayat nu budayana beda jeung budaya pamingpinna, can tangtu ngarojong kana kapalay pangasawa, sabab teu luyu jeung tradisina nu mandiri. Lebah dieu somah nanduk, jadi beuki karasa nyingraykeun lalangse sajarah teh patilasan wajib dimumule, dipiara bisi musnah memeh kaguar.

0 komentar:

Posting Komentar