CIMATA NGECLAK DI BUBAT
Bogoh
pisan ka Dyah Pitaloka teh. Ku kituna euweuh deui jalan lian ti mateni Prabu
Hayam Wuruk. Naon hakna make hayang ka putri kakasih urang sunda bari teu boga
tatakrama laki rabi? Sakitu raja nagara pangjayana.
Dyah
Pitaloka estuning sarua endahna jeung bulan purnama tanggal tujuh Suklapaksa.
Salila ieu mah ki Patih Madu ngan nyaho aya dua wanoja panggeulisna di tatar
Nusantara, nyaeta Ken Dedes anu tuluy katelah Pradnyaparamitha, jeung Sri
Pramowardhani, putri Raja Samaratungga di Mataram. Ayeuna Dyah Pitaloka sakitu
geulisna. Duh naha wajona utama bet datang ka Majapahit ukur jadi upeti? Teu
rido. Hayam Wuruk kudu perlaya. Atawa Gajah Mada heula kitu? Apan Ki Mahapatih
anu saenyana boga pokal mah.
Tuh
geura tingali, masih keneh dibaju panganten, Dyah Pitaloka ukur diuk ngeluk di
pasanggrahan Bubat. Dikabaya sutra bodas ti nagri Hindu, sampingna coklat ngora
ti Nagara Gede Sarumban. Jamang emasna masih keneh dipasang dina rambutna.
Mutiara susun tilu can dileupas tina beuheungna. Roncean kembang melati
ngagantung keneh dina gelungna.
Deudeuh
geuis, kakasih para pohaci, sakitu tebihna angkat ti kawali, ka diue ngan
saukur jadi upeti. Cipanon herang ngamalir meuntas pipina. Clak, clak ngenclak
kana kabaya bodasna. Para pangasuh tingsalegruk teu bisa nahan kasedihan.
“leres
Eulis teh teu janten nikah?” ambu pangasuh nanya. Asa aya anu ngaganjel dina
tikorona. Dyah Pitalokaa unggeuk. Teuteupna lempang, bangun hayang mubus
dingding kayu pasanggrahan. Hatena asa ditojos ku tungtung keris. Dyah Pitaloka
ngarasa sedih dumeh teu bisa jadi simpay anu ngaraketkeun sagala harepan
ngajadi hiji. Manehna teu bisa ngawujudkeun harepan ni jadi indungna, Nay Ratna
Lara Lisning. Nu hayang sang putri ngarasaan kabagjaan minangka wanoja sajati.
Wanoja nu satia ka salaki jiga Dewi Satyawati. Dyah Pitaloka ge ngarasa teu
bisa ngawujudkeun kahayang nu jadi bapa, Prabu Maharaja Linggabuana, sangkan
jadi tihang utama nu bisa mawa Nagri Sunda mingkin mencrang cahayana.
Terasna
mah,ramo Dyah Pitaloka ngusapan samping nu masih keneh seungit kembang melati.
Ngadadak dina gambar turih wajit teh kacipta indungna, Nay Ratna Lara Lisning,
nu tinggal di Nagri Sunda, demi ngasuh Si Adi, Anggalarang alias Prabu Anom
Wastukancana. Beungeut ampir tengah tuwuh , masih keneh geulis tur angger imut,
bangun nu keur mere harepan pikeun jalan ka hareup. Lalaunan Dyah Pitaloka
ngaragamang kana pucuk gelung. Gap kana gagang patrem, anu masih keneh nyeceb
dina gelung. Lalaunan patrem dilesotkeun.
Eta
patrem teh, ayena geus ana dina dampal leungeun Dyah Pitaloka. Kacida endahna.
Panjangna teu leuwih ti sajeungkal ramo lencop Dyah Pitaloka. Lempang, lancip,
herang. Pulasna koneng semu perak. Dijieunna tina campuran antara wesi koneng,
waja, nikelna nu geus tangtu meunang ngitung. Aya titik-titik di sabaraha
tempat nu katingali leuwih herang. Pamorna endah kabina-bina. Gagangna dijieun
tina gading gajah. Pulasna meh sarua jeung kulit Dyah Pitaloka. Aya ukuran
garis-garis melengkung jeung buleudan. Dina unggal buleudan, ditapelkeun batu
permata hejo semu bulao.
Eta
patrem teh ti pamanna, Mangkubumi Bunisora. Tangtu moal tanpa alesan mekelan
patrem minangka hadiah samemeh papisah. Paman Bunisora mah kapan geus kaceluk
minangka jelema anu boga kakuatan batin anu linuwih, lain jelema samanea, bisa
ngarasakeun hal nu bakal tumiba di Wilwatikta. Paman Bunisora teu mere
perhiasan nanaon, komo nu saukur endah wungkul. Nu dibikeun teh kaendahan nu
ngandung kayakinan. Kayakinan pikeun ngabela kahormatan.
Ras
Dyah Pitaloka inget kana piwuruk Paman Bunisora, sapoe samemeh manehna miang ka
Wilwatikta. “wajona sunda teh kudu kawas patrem. Lain ngan sakedar endah, atawa
ukur jadi papaes lalaki. Wanoja Sunda kudu seukeut pikir tur bisa ngajaga
kahormatan”. Ceg dampal Dyah Pitaloka nyekel pageuh patrem. Tapi teu lila
dilepaskeun deui. Ceg deui, leupas deui. Kitu we sababaraha kali.
Ayeuna
gelungna geus leupas. Buukna ditalian saayana. Sesana mah diantep ngarumbay
kana tonggongna. “eulis bade gentos raksukan?” ambu pangasuh nanya deui.
“moal,” jawab Dyah Pitaloka laun. Tapi karasa aya kakuatan anu teger lir batu
cadas. Duh saenyana mah hayang Dyah Pitaloka ganti baju. Ngalaan baju panganten
nu skitu endahna, ku baju nu ringkes tur basajan. Ngan anehna, dina kaayaan
kitu, ras manehna inget kana dongeng basa Dewi Drupadi dipaksa ngelepaskeun
sampingna ku si Durjana Dursasana, ngarah meunang kaere di hareupeun
dulur-dulur Korawa jeung Pandawa. Dyah Pitaloka ge ayeuna sarua dipaksa ku
kayaan, kudu ngalepaskeun baju pangantenna. Ngan Dyah Pitaloka mah embung
meunang kaera jiga Drupadi.
Di
luar pasanggrahan, geus eak-eakan para satria Nagri Sunda. Piraku manehna ngan
bisa ngeclak cimata. Basa Dyah Pitaloka mukakeun panto pasanggrahan, kabeh
panon neuteup manehna. Jep jempe kabeh. Panon poe ge lir nu kasima ku Dyah
Pitaloka, neuteup sang putri nu masih keneh make baju panganten, tapi buuk
ngarumbay, sarta leungeun nyekel pageuh patrem pusaka. Dyah Pitaloka dongko
hareupeun Prabu Maharaja.
“upami
kenging widi, abdi hoyong ngiringan, Rama,” pokna
Prabu
Linggabuana neuteup Dyah Pitaloka. Hate pinuh
ku rasa reueus. Tapi teu lila, teuteupna kahalangan ku cimata. Clak,
murag kana jukut. Clak deui, kaseuseup ku taneuh batur, taneuh Majapahit. Bari
angger cipanon nyekclak, Prabu Linggabuana ngeukeupan Dyah Pitaloka. “restu ti
Rama, Eulis. Sok bajuang, demi kahormatan negri.” Ger deui para satria Sunda
sarurak. Bedog, kujang, panah, jeung pedang, tingaracung ka langit.
1 komentar:
Numpang Promo ya ^^ Kami dari MandiriQQ Agen yang selalu Menomor Satukan Permainan FairPlay ^^
Hadir dengan Promo Menarik yang menguntungkan
Segera bergabung bersama kami ^^
Untuk Info silahkan di Add 2BE2B4BA
Ditunggu ya teman teman ^^
Dengan 6 Permainan Judi Online yang Memukau seperti:
Poker
Capsasusun
BandarQ
AduQ
DominoQQ
BandarPoker
Posting Komentar