Contoh laporan kagiatan dina basa sunda





LAPORAN KAGIATAN
NULIS CARPON JEUNG BIANTARA DINA BASA SUNDA
SMA NEGERI 1 LEUWILIANG 2010

            Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.
            Hatur nuhun kana kasumpingan saderek sadaya. Dina danget ayena, sim kuring bade ngadugikeun laporan kagiatan anu parantos dilaksanakeun. Dupi hasil tina kagiatanna tiasa dilaporkeun.
            Sakumaha nu parantos kauninga, rehna dina raraga ngamumule, mekarkeun basa sareng sastra sunda di lingkungan barudak sakola. Ieu kagiatan teh dinamian “KTERATIVITAS BARUDAK DINA NGAMUMULE BASA JEUNG SASTRA SUNDA”. Tujuanana sangkan murid-murid bisa ngamumule sareng mekarkeun basa jeung sastra sunda di lingkungan barudak sakola.
            Di dieu dilaporkeun panata calagera kagiatan. Panata calagara ieu diwangun ku sababaraha widang. Nyaeta Papayungna (Kapala Sakola), Pangapingna (Pembina Osis), Pupuhu kagiatanna (Ketua Osis) , girang serat sarta panata harta. Ieu kagiatan tiasa lumangsung kalawan lungsur-langsar. Margina dideudeul ku sakumna rekan-rekan Osis.
            Lomba nulis carpon jeung biantara dina Basa Sunda, parantos dilaksanakeun dina waktos dua dinten. Senen-salasa, 11-12 maret 2010. Tempatna di lingkungan sakola SMA Negeri 1 Leuwiliang.



            Hasil kagiatan pinunjul katut asal kelas tiasa dititenan di handap ieu.
No.
Para Pinunjul
Kelas
Juara
Keterangan
1
Intan
 IX – IPA 1
1
Nulis Carita Pondok
2
Bagus
 IX – Bahasa
2
3
Rima
  X – 3
3
4
Deni
IIX – IPA 3
1
Lomba Biantara
5
Holid
 IX – IPS 3
2
6
Anna
  X – 5
3

            Sakitu rupina laporan kagiatan anu parantos dilaksanakeun ku panitia.hatur nuhun kana samukawis pangrojongna. Ieu kagiatan tisa dilaksanakeun kalawan lancar tur hasilna nyugemakeun. Tangtos wae, ieu kagiatan sing aya menpaatna kanggo urang sadayana. Sakirang-kirangna tiasa nambihan luang pangalaman. Muga-muga bae sagala rupi kasaean tisadayana kenging ganjaran anu satimpal ti gusti Allah Subhanahuwataala.
            Wassalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh.

0 komentar:

Posting Komentar