kasenian Reog





SENI REOG

Seni reog kaasup kasenian keur upacara, kauger ku aturan atawa tetekon anu maneuh, meh-mehan teu aya kamekaranana. Boh dina tabeuh, rigig, boh baju nu dipakena.dina seni reog, para seniman leuwih motekar, bisa ngalakukeun improvisasi, boh tatabeuhan, rigig, kakawihan, paguneman, boh baju nu dipakerna.
Upama ieu hipotesa bener, seni reog geus aya ti jaman para wali. Ari misina lain ti ngahibur panonton, oge diselapan ku misi-misi ukhuwah jeung syi’ar islam. Ieu seni pintonan kacida dinamisna, bisa komunikatif langsung, tur sipatna persuasip, dina harti bisa mangaruhan sikep jeung pandangan hirup masarakat.
Sajalan jeung sumebarna Agama Islam ditatar Sunda, tumuwuhna pasantren-pasantren. Teu saeutik santri-santri seniman nu ngagarap seni tabeuh nu sarumpun jeung ogel/reog, tapi leuwih ka arab-araban, kayaning rebana, terebang. Maksudna pikeun mirig lagu-lagu pupujian ka Allah SWT, jeung ka kanjeng Nabi Muhammad SAW. Ka beh dieunekeun aya gembyung, kasidahan, malah dikolaborasikeun jeung alat musik lianna, saperti hitar, kibor jeung sajabana. Terebang, rebana, gembyung jeung nu sejenna, mimitina mah digelarna ngan di kalangan pasantren (introvert). Saluarkeun pasantren mah, seni ogel/reog.
Ti abad ka 17 tepi ka abad 20 teu aya katerangan boh lisan boh tulisan, ngeunaan seni pintonan ogel/reog. Kakara dina taun 1934, urang walanda, Jaap Kunst, nyieun buku “toonkunst van Java” , eusina ngeunaan rupa-rupa kasenian anu aya di Jawa. Sanajan teu pati lengkap, mun disebut kasenian rayat, tapi bisa oge dijadikeun dokumentasi sajarah kasenian bangsa urang.
Tepi ka datangna Jepang ngajajah urang, ditema ku jaman revolusi kemerdekaan, tug tepi taun 70-an, seni reog masih hirup tur dipikareseup ku masarakat handap jeung kaum menengah, meh sakuliah pasundan, tepi ka ibu kota Jakarta. Di nu hajat/kariaaan, lamun teu nanggep wayang, pasti nanggep seni reog geus jadi kameumeut masarakat, buktina dina babasaangeus jadi kacapangan aya ungkara-ungkar basa nu dipake sapopoe tina kecap reog, saperti: ‘dogdog pangrewong’, ‘kawas bodor reog’, ‘sareundeuk saigel’. ‘bengkung ngariung bongkok ngaronyok’, ‘ samping dogdoh’ (samping poleng nu teu disambung di tengahna), ‘cul dogdog tinggal igel’, jeung sajabana.
Ti taun 70-an, pintonan seni reog beuki ngurangan, iwal di siaran RRI Bandung, kitu ge duka aya nu ngadangukeun duka henteu??? Nincak taun 90-an, meh sirna pisan, iwal di sababaraha panggung 17 Agustusan, anu pintonana oge amatiran. Ieu teh balukar ayana pangaruh infiltrasi budaya luar, nu kacida mangaruhan kalangan rumaja. Di tambah deui, aya kawijakan pamarentah dina widang pangajaran di sakola. Di mana basa daerah (Sunda)  jeung kasenian, ngan sakedar muatan lokal. Atuh media citak jeung elektronik meh-mehan teu malire kana kasenian tradisional, kaleled ku kapentingan nu sipatna komersial. Masarakat Sunda indi-visual, kitu deui komunikasi geus heurin ku letah upama nyarita ku basa indung (basa Sunda). Kumaha nasib asenian tradisi pikahareupeunana, upama nyarita ku basana sorangan oge teu bisa. Pon kitu deui nu lalajo, moal resepeun da heunteu ngartieun kana basa gunemanana. Duka upama jaga, reog atawa tembang sunda, make basa Nasional atawa basa deungeun. Siganabae kudu aya paradigma anyar dina pintonan kasenian urang Sunda. Sabada padungdengan, akhirna dina taun 2003 geus ngawujud wadah paguyuban nu katelah PASER (Paguyuban Seni Reog) sa-Jawa Barat.

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Atur nuhun.. :-))

Posting Komentar